Diskusi VS Ngala Kutu Kénging : Iyam Siti Mariyam Guru SD Muhammadiyah 8 Bandung) Jam kahiji mimiti diajar matéri bangun datar. Murid kelas genep dikelompokeun tiluan-tiluan duméh rék diskusi ngeunaan ciri-ciri bangun datar. Sakabéh budak ngadiskusikeun ciri-ciri bangun datar nepi ka beres. Geus kitu dibahas babarengan. Nalika ditanya ciri-ciri persegi, barudak ngaracung. Guru […]
NUNGGUAN NU MAPAGKEUN FIKSIMINI : Kenging Teti Mardiana Nungguan teh dipertelon Margacinta -Terusan Kiaracondong, ngajanteng hareupeun toko, nyeri beuheung sosonggeteun balas ngalieukan nu rek mapagkeun. unggal motor warna beureum di sidik-sidik, jol lain deui, jol lain deui. ti jam 2 nungguan ayeuna geus ampir jam 4, lah hanjakal teu kana angkot ti tadi, meureun […]
RUSUH FIKSIMINI : Kenging Teti Mardiana Ti tempat parkir rurusuhan, nyampak ruang guru geus simpé, rét kana jam nu ngadaplok dina témbok, paingan da geus jam tujuh saparapat. Langsung muru kana méja, rap sapatu nu ditunda di kolong méja dipaké. Méméh kaluar ngarawél heula alat peraga di gigieun méja. Sajeroning nerangkeun téh barudak silih rérét […]
DI ONDANGAN FIKSIMINI : Kenging Teti Mardiana Horéam saenyana mah ka ondangan nu ieu mah, salian ti teu pati wawuh téh jeung éta ku jauhna deuih. Ti barang datang, boh nu narima tamu, pager ayu, pager bagus, nepi ka nu jaga stan, kitu deui nu sarua ngantri, unggal ngarérét ka kuring, kabéh nyéréngéh ngajak seuri. […]
DINA KARETA API FIKSIMINI : Kénging Teti Mardiana Wanci sareureuh budak dina kareta ekspress ngadius ka kulonkeun. Sabot ngalenyap, kagareuwahkeun kunu ngagorowok dina bordes kareta. Panumpang tingraringeuh marengan patugas nu lalumpatan muru kana bordes, sora budak ceurik ngangkaung dina tangkeupan Akina pantesna mah. “Aya naon Kang” penasaran nanya ka petugas nu mawa baki. ” Tadi […]
Fiksi Mini Karya : Cucu Unisah Taun ajaran anyar. Dina hiji mèja belajar numpuk buku tulis nu geus meunang nyampulan. Kantong bulao gambar Robocop disarandèkeun sisi tembok. Kitu deui cepuk kalèng rorobotan nyempod di juru mèja. Kareungeu aya nu keur nginghak, sihorèng pamupus nu kèlirna dua bulao jeung beureum. "Rèk naon manèh cicing didieu? Moal [...]
Fiksi Mini Karya : Cucu Unisah Langit béngras, kelas jempling. Barudak suhud ngerjakeun matématika. Trok-trok-trok! Sora panto, jung nangtung, laju muka tulak. "Punten bu, tiasa ngawagel waktos sakedap?" Lalaki gandang ngajak sasalaman bari unggeuk. "Mangga, di ruang guru waé Pa!" "Tiasa disarengan ku pun anak Kania?" Kuring unggeuk ka hiji budak nu diuk di hareup. [...]