“Tah bener kitu nyepengna, euh kurang gancang atuh narik bandéra na!” Jaji gegerendeng.
Bandéra naék lalaunan dipirig ku lagu kebangsaan Indonésia Raya.
Beu… éta dirihén meni leuleus liat!” Panon Jaji mureleng.
Paduan suara nyanyi siga kapaksa, sorana pales kabawa angin.
Waktu pembina upacara méré amanat, barudak ngaguruh. Lila teuing sigana mah tur matapoé mimiti karasa nereptep kana embun-embunan.
“Tah mun lagu ieu uing apal da karesep uing!” Jaji seuri panonna tetep mencrong kanu keur baris di lapang.
“Jaji, Jaji… kadieu silaing téh lain ngalalajoanan nu upacara! Ieu adukkan béak!”
Rét ka bapana, gap kana émbér hideung, “Bangun pemuda-pemudi… Indonesia.” gerentesna