Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung Elih Sudiapermana ngaresmikeun Aula Disdik Kota Bandung di Lanté 2 Jalan Ahmad Yani No.239 Bandung (26/12/2018). Hadir ngaluuhan ieu acara; para pejabat struktural di lingkungan Dinas Pendidikan Kota Bandung, penilik jeung staff di lingkungan Disdik Kota Bandung. Anapon tujuan kagiaten ieu lian ti ngaresmikeun aula, nu utamana nyaéta pikeun ngaraketkeun tali silaturhami kulawarga besar Dinas Pendidikan Kota Bandung. Acara lumangsung kalawan daria tapi santai. Teu maké korsi, tapi émok pikeun awéwé jeung sila pikeun lalaki. Cukup ngagelar samak, tapi acara lumangsung lancar. Dina kagiatan ieu Kadisdik miharep sangkan sakabéh warga Disdik hususna bisa ngarawat ngariksa aula sangkan bisa dipake nepi ke engké. Tong diculkeun. Aula Disdik. eta ngaran anu diresmikeun ku Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung. Ngahaja diaranan aula disdik sangkan sakabéh warrga ngarasa miboga aula. “Anggap siga imah sorangan anu bisa diriksa tur dirawat siga imah sorangan,” tandes Kadisdik. Ku ayana aula Disdik, Kadisdik miharep sangkan sumanget digawé leuwih ngagedur dina raraga ningatkeun ajén inajén atikan di Kota Bandung. Acara dimimitian ku midangkeun lagu lagu Sunda, luyu jeung program Disdik, poé Rebo téh ngayakeun Rebo Nyunda. Pakén kabaya-pangsi atuh nyarita gé basa Sunda. Hadir ngareuah reuah ieu kagiatan Rebo Nyunda mintonkeun kaparigelan nembang diantarana para penilik, staf di lingkungan Disdik. Minangka pepeling- ngadeukeutkeun urang salaku umat ka nu Murbeng alam. Diayakeun tausiah ti Penilik PAUD- Muhamad Sobari. Harita Sobari nandeskeun yén salaku umat tinangtu amal kahadéan urang bakal dipertanggungjawabkeun di ahérat. “Amal hadé tinangtu meunang ganjaran hadé ti Alloh SWT. Amal goréng tinangtu meunang azab ti Alloh.” tandes M Sobari. Waktu karasa nyérélék, teu karasa lila sab tausiah téh direumbeuy ku bodor sagala.*** (TimkehumasanDisdikBdg Gambar mungkin berisi: 1 orang, teks Gambar mungkin berisi: 1 orang, dalam ruangan Gambar mungkin berisi: 2 orang Gambar mungkin berisi: 4 orang, orang tersenyum, teks Gambar mungkin berisi: 4 orang, orang tersenyum, orang berdiri dan teks Gambar mungkin berisi: 8 orang, orang tersenyum, orang duduk Gambar mungkin berisi: 16 orang, orang tersenyum, orang berdiri

Editor: adut